Adsens

Minggu, 01 Januari 2017

Makalak Kebudayaan Sunda

BAB I
BUBUKA

1.1       Kasang Tukang Masalah
Kabudayaan mangrupakeun hasil, cipta, rasa, karsa jelema. Kabudayaan mangrupakeun modal kanggo ngembangkeun kabudayaan nasional. Kabudayaan mangrupakeun salah sahiji ciri bangsa. Wangun kabudayaan : (1) Kabudayaan mangrupa ide/gagasan diantarana elmu pangaweruh, adat istiadat, & aturan. (2) Kabudayaan mangrupa kabiasaan saperti adat kabiasaan dina cara campur gaul, seni, jeung kawinan. (3) Kabudayaan mangrupa banda saperti pakakas nu aya di imah, banda saperti emas, keris jeung alat transport.
Basa Sunda mangrupakeun salah sahiji kabudayaan mangrupa ide/gagasan. Basa Sunda nyaeta basa asli anu aya di Tatar Sunda. Basa Sunda oge malahan kaasup basa anu kiwari keur loba ditekunan ku bangsa lain di dunia, kaasup di Amerika.
PBB ngalangkungan UNESCO kantos netelakeun kumaha pentingna ngajungjung basa indung. Hartina, urang Sunda kedah ngajungjung lungguh basa Sunda minangka basa Indungna. Usaha UNESCO dina ngajungjung basa Indung nyaeta netepkeun unggal ping 21 Pebuari janten Poe Basa Indung Internasional. Ku kituna, unggal taun di Bandung sok diayakeun mieling eta poe. Mugia wae ngalangkungan eta acara, tiasa ngahudang karep urang raraga ngamumule jeung miara basa katut budaya Sunda.
Basa Sunda anu beunghar ku kecapna ieu, kiwari geus mimiti rek carem, disababkeun loba masyarakat Sunda umumna jeung Nonoman Sunda hususna anu jadi panerus malah kurang aya minat kanggo ngajaga jeung ngamumulena. Padahal, jalma luar suku Sunda loba anu hoyong diajar basa Sunda ku hese jeung susahna. Jeung sabalikna, jalma asli suku Sundana malah ngantep.





1.2       Rumusan Masalah
Sakumaha Kasang Tukang diluhur pangarang ngarumuskeun masalah saperti kieu :
1.    Naon anu jadi alesan Nonoman di Tatar Sunda kurang aya minat make basa Sunda dina kahirupan sapopoe ?
2.    Kumaha carana sangkan budaya basa Sunda henteu carem ?

1.3       Tujuan
Tujuan anu pangarang piharep tina Karya Tulis Ilmiah ieu nyaeta :
1.    Kanggo nyumponann salah sahiji pancen dina mata pelajaran Basa Sunda
2.    Kanggo ngajentrekeun naon wae hal anu ngajadikeun basa Sunda kurang diminatan ku Nonoman di Tatar Sunda.
3.    Kanggo ngajentrekeun naon wae cara supaya basa Sunda henteu carem.



















BAB II
BAHASAN

2.1       Hal anu ngajadikeun basa Sunda kurang diminatan ku Nonoman di Tatar Sunda
Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan barudak sakola eta dua ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana.
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman jeung ngjawab tangtangan kahirupan.
Kuayana kamekaran téknologi internét nu  ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan. 
Kolot henteu ngawanohkeun budaya sunda ka barudak maranéhanana. Padahal perkenalan saprak dini bisa numuwuhkeun minat barudak ka budaya local. Sumawona lumangsung perkawinan silang. Conto, jelema sunda sarta jelema jawa nikah sarta anakna anu dilahirkan henteu nyaho budayana ku kituna budaya sunda diacuhkan sarta budaya jawa ditinggalkeun. Kitu deui Sasama jelema sunda arang ngagunakeun basa wewengkonna.
Éta pisan sawatara kegelisahan anu dirasakeun ku jumplukan kami terhadap budaya urang bangsa Indonésia umumna sarta suku sunda hususna.Kiwari loba budak ngora anu geus teu maliré deui kanu budaya sunda, kamajuan teknologi salian ti mere pangaruh positif, ogé aya pangaruh negatifna kanu kalestarian budaya sunda.Teknologi loba anu ngagunakeun basa asing.
Kitu deui pangaruh badag ti télévisi, internet sarta média séjénna. Ampir ti satengah wayah maranéhanana bersinggungan jeung barang sarupaning éta. Média, anu dijerona télévisi miboga andil badag dina pergeseran budaya lokal.Pangajaran di sakola ogé leuwih loba ngagunakeun basa asing jeung basa Indonésia.Sangkan basa sunda teu nepi ka leungit, ku kituna di tiap sakola kudu di ayaleun pangajaran basa sunda, sarta kudu diayakeun salah sahiji poé dimana barudak kudu ngagunakeun bsasa sunda di sakola.
Leungitna kabudayaan sunda digolongan rumaja salah hijina bisa disebabkan ku pergaulan sarta lingkungan kulawarga.
Dina ayeuna pergaulan digolongan rumaja hususna rumaja sunda pohara memprihatinkan alatan ayeuna kabudayaan sunda kawas basa sunda sarta kasenian sunda séjénna geus mimitian kapopohokeun ku golongan rumaja.  Kaayaan ieu disebabkan ku lobana kabudayaan deungeun anu geus mimitian asup sarta ngagantikeun kabudayaan sunda ayeuna.

2.2        Cara Supaya Basa Sunda Henteu Carem
Saeutikna aya tilu perkara anu bisa jadi tarekah sangkan basa Sunda janten kareueus nonoman Sunda. Saperti ieu :
1.       Basa jeung budaya Sunda kedah tiasa midang luyu jeung kamekaran elmu pangaweruh katut paneka teknologi. Tangtos diluyukeun oge kana situasi dianggona. Upamina wae basa Sunda dipidangkeun dina situs-situs intrenet, dianggo nyerat buku-buku paelmuan, dianggo nyerat serat-serat resmi ti kantor pamarentahan, dianggo nyerat jenengan wangunan di sakuliah Jawa Barat, katut dianggo basa resmi dina biantara-biantara gegeden pulitik. Hal ieu sangkan basa Sunda teh katembong mampuh tur ngingelkeun jaman.
2.      Meumpeung aya lolongkrang, meumpeung aya kaludeung, oge meumpeung aya widi ti nu Maha Suci, bari eces jentre aya Perda No. # Tahum 2005 katut SK Gubernur Jawa Barat, pangajaran basa Sunda teh kedah diwulangkeun di sakola-sakola ngawitan ti TK dugi ka SMA. Jalaran numutkeun para ahli budaya, pakakas pangseukeutna kanggo ngawariskeun budaya teh taya sanes pangajaran sareng sakola. Di sakola nonoman Sunda baris diwaris tur dideudeul rupaning elmu pangaweruh ka guruna.
3.      Dina kahirupan kiwari mah tos teu luyu deui urang nembongkeun sikep parangakat-purungkut, kodomoyo, bari sumuhan dawuh mangga ti payun. Ayeuna mah tos waktosna urang teh kudu goong nabeuh maneh. Nembongkeun kabisa tur katapis nyiptakeun karya dina sagala widang nu aya mangpaatna keur balarea. Jalaran dina enas-enasna mah, ngaronjatna ajen basa jeung budaya Sunda teh gumantung kana kapribadian nu makena, nyatana urang Sunda. Ayeuna urang teu kudu gimir mayunan alam kamoderenan, tapi estuning kudu saged tur tarapti. Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan. 
Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa  didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang. 
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.













BAB III
PANUTUP

3.1       Kacindekan
Ku Pancen ngajieun (Bahasan) Karya Tulis Ilmiah ieu, pangarang ngaharep meunang mangpaat anu bakal jadi bekel kanggo kapayunna. Sarta, dina ayana pancen ieu ngajadikeun pangarang lewuih bisa terampil jeung tanggung jwab dina ngalaksanakeun pancen anu ditampi ku pangarang.
Dina masalah anu dikaji ku pangarang ieu pangarang ngaharepkeun pisan supaya masyarakat Sunda umumna, oge Nonomanna hususna bisa ngajaga jeung ngamumule basa Sunda supaya henteu carem. Urang salaku makhluk sosial memang kudu ngabaur jeung Globalisasi namung leuwih hade lamun kabudayaan basa urang sorangan oge tetep dijaga jang engke anak incu urang kaharepna.

3.2       Saran
Saran anu bakal pangarang dugikeun nyaeta pangarang miharep para kolot sangkan ngajarkeun basa Sunda ka anak-anakna supaya anak-anakna ngarti pentingna ngajaga kabudayaan.
Ngilu aubna Pamarentah jeung Nu Ngawulang oge penting pisan. Diharepkeun diayakeun lomba-lomba anu ngeunaan kabudayaan basa Sunda. Bisa wae lomba nulis carita pondok, nulis karangan esay, maca jeung nulis sajak, jeung sajabana.










DAPTAR PUSTAKA






Tidak ada komentar:

Posting Komentar